Search This Blog

Thursday, January 22, 2015

Saukur Harepan



Ngaplak mega ayang-ayangan
Mangrupa gurat-gurat warna kahirupan
Pananada beurang amit mundur
Permios poe isuk pateupang deui


Anjeun imut manis ngadon milu pamitan
Seja undur diri, niat rek mulang
Ceunah “simanehna parantos ngantosan”

Aya hate anu teu bisa tumarima
Karasa nyeri na dada
Nyisit ati aya ku peurih
Kuduna ieu diri anu jadi pangbalikan…

Naha geulis….
Anjeun teh bade kamana?
Asa teu kudu mulang sagala
Di dieu tempat anjeun cicing nu pasti
Bakal diperenahkeun saestona
Demi kabagjaan salira

Geulis…
Bade kamana?
Naha teu bisa dagoan heula, akang jangji tong cangcaya
Cinta akang ngan ukur salira

Share/Bookmark

No comments:

Post a Comment